Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2016

Tepungna Dua Sagara (Bahrain)

Mun teu salah, harita inyana dilandih “preman insap” ku balad-baladna téh. Lanceuk kelas jaman kuring keur ngobong. Géséhna gé opat taun. Kuring tajhiziyyah, inyana muallimin kelas hiji. Katempona carang takol. Kétah, pédah wé can loma harita mah. Padahal salembur jeung kuring téh. Kakara basa inyana kelas dua mu’allimien (kuring kelas hiji tsanawiyyah), rada karuhan sok ubral-obrol. Katambah manéhna jadi kuncén di kobong barudak tsanawiyyah, nalingakeun bisi aya santri nu ngarumpak tetekon di kobong. Sakapeung mah pikasieuneun. Paromanna semu serius, tarangna kerung.  Da enyaan atuh, kungsi harita bada salat Isya, inyana ambek-ambekan di hareupeun sakabéh pangeusi kobong. “Leuh, ieu mah kila-kila aya nu nyieun kasus …,” cék kuring ngaharéwos ka ki sobat. Teu sulaya jeung panyangka. Peuting éta, aya kana lima kasusna. Ti mimiti kasus nu maké sendal batur, nu masbok salat berjamaah, jeung nu teu salat sunat rawatib, ogé kasus nu lianna (kuring inget-inget poho). Ti sakabéh nu ka