Tepungna Dua Sagara (Bahrain)


Mun teu salah, harita inyana dilandih “preman insap” ku balad-baladna téh. Lanceuk kelas jaman kuring keur ngobong. Géséhna gé opat taun. Kuring tajhiziyyah, inyana muallimin kelas hiji. Katempona carang takol. Kétah, pédah wé can loma harita mah. Padahal salembur jeung kuring téh. Kakara basa inyana kelas dua mu’allimien (kuring kelas hiji tsanawiyyah), rada karuhan sok ubral-obrol. Katambah manéhna jadi kuncén di kobong barudak tsanawiyyah, nalingakeun bisi aya santri nu ngarumpak tetekon di kobong. Sakapeung mah pikasieuneun. Paromanna semu serius, tarangna kerung. 

Da enyaan atuh, kungsi harita bada salat Isya, inyana ambek-ambekan di hareupeun sakabéh pangeusi kobong. “Leuh, ieu mah kila-kila aya nu nyieun kasus …,” cék kuring ngaharéwos ka ki sobat. Teu sulaya jeung panyangka. Peuting éta, aya kana lima kasusna. Ti mimiti kasus nu maké sendal batur, nu masbok salat berjamaah, jeung nu teu salat sunat rawatib, ogé kasus nu lianna (kuring inget-inget poho). Ti sakabéh nu kajiret ku tasykil (staff nu ngurus kobong, dipupuhuan ku hiji jalma nu disebut naqib), Uing kaasup jalma nu kaabsén ku staff kenaqiban (pedah masboq salat subuh, lantaran nyeri beuteung) poé éta. Dititah ka hareup. Ngadeg, mayun ka hadirin pangeusi kobong.  Nya ku inyana pisan kuring dihukum téh. Dititah push-up jeung scott jump, teuing meunang sabaraha kali. Da bérésna téh guyang cikésang. 

Teu salilana inyana pikasieuneun. Kapeung karasa ngeunaheun mun ngobrol téh, bisa mawana. Jabaning lomana jeung barudak bontongor, jadi pada mikaresep. Hiji mangsa, ajengan pasantrén kuring teu iasa sumping ngahotib jum’at. Kawantu tos sepuh, sok rajeun teu damangan. Inyana jadi santri nu ngabadalan. Ku tatag éta pok-pokanana. Ti barang ayat kuran kalih hadisna. Maké jeung aya ‘haddatsana,’ ‘akhbarona,’ ‘an, jeung ‘sigotul  ada’ séjénna. Teu lali nomber katut kaca sabaraha-sabarahana. Beunang nyutat tina kitab aslina, ditalar. Deuih, maké basa Sunda. “Ahéng pisan ieu jalma,” cék na’ haté.
 
Sabada tamat mu’allimien, inyana nuluykeun nyuprih pangaweruh di hiji universitas nagara nu aya di Bandung. Deuih Inyana nu ngawawuhkeun kuring ka hiji UKM kajian nu gedé pisan jasana dina proses nyiar pangaweruh keur kuring. Sabada asruk-asrukan di leuweung asmara, neuleuman rupaing sagara kacinta, antukna tepung ogé jeung panutan atina.  Jurnalis wanoja ti hiji Lembaga Pers Mahasiswa di kampusna. Téh Nirra jenenganana.


Teu pati apal ari leunjeuran caritana mah, ngan nu sidik duanana téh béda. Kungsi aya kacapangan di sabudeureun kuring, aya nu kasebut “cinta kandas beda madzhab.” Rupaning kisah asmara model nu mineng kapanggih dina drama duka/drama tragédi. Leunjeuran carita peurih jeung dadas lanceuk-lanceuk kuring nu nalangsa alatan duriat nu pegat, neunggar cadas téa. Salahsahiji cukanglantaranana taya lian pédah béda madzhab (salahsahiji pihak meunang kateupanujuan ti nu jadi sepuhna). Kaasup nu kaalaman ku kuring sorangan, ogé sababaraha balad lianna. 

Jol ras baé ka “Kambing dan Hujan”-na Mahfudz Ihwan. Salahsahiji novel nu dilélér hadiah DKJ (Déwan Kesenian Jakarta). Nu nyaritakeun kumaha banggana lalampahan cinta Mif jeung Fauzia. Neumbag di papada kolotna, nu teu panuju kana asmara maranéhna. Kolot Mif jadi representasi kubu Islam Modern, demi kolotna Fauzia jadi representasi kubu Islam tradisional. Ngan happy ending, teu kawas kuring jeung nu lian. Naha Inyana jeung Téh Nirra nyinghareupan kajadian nu sarupa kawas Mif jeung Fauzia? wallohua’alam. Teu kungsi mapay-mapay nepi ka lebah dinya. 

Tadi soré asana nampa iber ti Téh Nirra. Ngintunkeun gambar uleman. Aya poto anjeuna jeung ki lanceuk nu ti luhur keur diobrolkeun ku kuring. Duanana masang paroman anu bungah. “Alhamdulillah, kawasa Gusti, marajal bakhraini yaltaqiyan,” gerentes haté bari teu karasa biwir imut. Tétéla, teu pamohalan kawasa Anjeunna nepungkeun dua sagara anu béda. Dituturkeun ku usaha nu taya sudana ti duanana. Wilujeng Ang! Wilujeng Téh! Mugia salawasna aya dina Rahman Rahimna Gusti, kalayan sagala nu dpiharep mulus banglus, teu aya halangan-harungan. Amin***

*) Ngawilujengkeun Ajengan Fauzal Ihsan & Téh Nirra Cahaya Pertama nu baris milih-milih rabi, mindah-mindah rasa (jatukrami).
Ngulem wadyabalad kurawa kalih post-LPIK. Ulah lali, ke atos boboran siam.


***
Tulisan ini, bagiku adalah hadiah pernikahan terindah. Sebab, belum apa-apa aku sudah bahagia dibuatnya.  Yang menulisnya seorang lelaki muda dengan rambutnya yang terurai panjang seperti ilmunya. Dia ialah Fikri.


Fikri, kalau kamu bertanya tentang "apakah kita merasakan juga tantangan dan rintangan untuk menyatukan dua mazhab?." Jawabannya jelas "iya". Tapi kamu tau, Tuhan Maha Baik. DIA akan berikan apa yang kita butuhkan bukan apa yang kita inginkan. Bersatunya kami tentu tidak lain karena usaha, doa dan keyakinan satu sama lain. Berikut restu dan takdir Tuhan di dalamnya.

Perjalanan hidup memang tidak pernah mulus, begitu juga dengan cerita kami. Tapi, tak ada yang tidak mungkin. Terlebih kita yang memiliki niat baik. Tuhan pasti akan kasih kemudahan. Fikri, terima kasih sudah memberikan tulisan yang puitis ini untuk kami. Semoga kelak esok hari kamu pun bisa menemukan tambatan hati. Aamiin.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Evaluasi Edisi Februari!

Bermalam di Bandung Barat